Senin, 26 Agustus 2013

Biantara Sunda [27082013] (3)

Biantara Anditya S

Tema : Kajahatan
Assalamu’alaikum wr.wb
            Bapa miwah Ibu guru anu dipikahormat,sinareng réréncangan nu dipikacinta.
            Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Allah SWT , alhamdulillah dinten ayena urang sadaya masih tiasa patepang di tempat ieu jeung di waktu ieu.
            Ayena abi badé ngabahas “KAJAHATAN AYA DIMANA MANA”  jadi kajahatan, ayena t dilakukeun ku sasaha ! dikolot nepika budak leutik gé aya,contohna budak SMA ngabunuh babaturana. Urang sadaya kudu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah jeung kudu bisa ngajauhan éta kajahatan nu sagedé gedéna atawa saleutik sabab kajahata nu ku hidep lakukeun pasti aya balesna ku nu Agung nyaéta ALLAH SWT.
Urang sadaya salaku generasi muda kudiu bisa nyieun prestasi dina hal nu bener keur majukeun ieu negara. Urang sadaya kudu ngajarkeun hal nu bener ka umat manusia nu li  améh hirup urang sadaya tiasa sejahtera salami lamina AMMIINN Indonesia MERDEKA.
Rupina mungsakitu nu tiasa sim kuring dugikeun,lamun aya kalepatan kuring dina nyarios hapunteun.


Asslammualaikum wr.wb 

Biantara Ardiansyah 


Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Assalamualaikum.Wr.Wb
Para Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, Puji Syukur Urang Panjatkeun Ka Gusti Allah SWT Alhamdulillah danget ieu urang sadayana tiasa patepung lawung pa amprok jongok ,dina raraga urang mieling kanu jadi kabersihan Jawa barat.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaraha kota di Jawa barat toh sering kenging piala Adipura ku sabab kabersihanana endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana kedah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi aya wae masyarakat sunda nu sok miceun sampah kamana wae, sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga, pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu dipiboga, ku urang dilestarikeun sangkan Jawa Barat leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahankeun Jawa Barat kota intan, Jawa Barat kota pangirut.
Rupina mungsakitu nu tiasa didugikeun bilih aya kalepatan dina cumarios, ka sadayana nyungkeun dihapunteun Wabillahi Taufik Wal Hidayah.
 Wassalamualaikum.Wr.Wb 

Biantara Wahid Hadi L

ASSALAM MUALAIKUM WAROHMATULOHI WABAROKATUH
    Sampurasun
Ibu Bapak anu ku sim kuring di pikahormat sareng rerencangan abdi nu ku simkuring di pika nyaah  langkung tipayun  hayu urang sami sami manjat keun puji sinareng sukur ka agungan allah swt nu parantos nepangkeun urang dina ieu acara
            Para hadirin anu ku sim kuring di pikahormat dina ieu waktos, abdi bade neurangkeun sakumaha pentingna hirup sehat. Janten urang keudah ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya pikeun tiasa ngajaga tina sagala panyakit , urang kudu berih suci tina sagala kokotor , urang kudu cinta kana kabersihan lingkungan urang yen eta lingkungan teh tempat urang hirup mun alus deui nepika hate urang bersih
            Para hadirin anu ku sim kuring di pikahormat mun sakieu biantara anu tiasa ku sim kuring tiasa di dugikeun , hatur nuhun

WASSALAM MUALAIKUM WAROHMATULAAHHI WABAROKATUH 


Biantara Dewi Tresna Utami

Assalamualaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT, mung ku ridhona arurang sadaya tiasa kempel di ieu patempatan.

Hadirin sadayana, tos waktosna ayeuna yen arurang ngajagaan lembur teh, sanes tos

waktosnya ketah, da puguh ti baheula oge tos kawajiban arurang sadaya ngajagaan lembur teh, boh kabersihana, katertibana jeung kaendahana.

Sanes malah teu paduli kana lembur arurang teh. Contona sampah, lung kadie-lung kaditu, sabari teu mikirkeun kana naon-naon dampak ti miceun sampah kamana-meni kitu teh.

Pan geuning sampah teh aya tempatna. Tapi da jalma hirup tea geuning sok malales kana kawajiban teh.

Nya jadi ayeuna mah sing getol we ngajaga lembur teh, salah sahijina nyaeta miceun sampah ditempatna.

Mung sakitu anu kapihatur, nyuhunkeun dihapunten weh bilih aya kalepatan sareng kakirangan ti ieu biantara.

Wabilahi taufik wal hidayah, Wassalamualaikum Wr. Wb. 

Biantara Dwi Puspa Rahayu

Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Rerencangan sadaya anu dipikareueus,

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos maparinan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang sadaya Muhammad SAW , ka kulawargina, ka para sohabatna, mudah-mudahan tug dugi urang sadaya salaku umatna mugia dugi ka akhir jaman, amin.
Simkuring ngadeg di ieu patempatan teu aya sanes bade ngadugikeun biantara anu nyandak judul “bahaya roko”.

Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Sinareng Rerencangan sadaya

Sapertos nu parantos ka uninga ku sadayana rehna nami na roko tos teu asing deui di masyarakat, pan dina danget ieu mah barudak sakola sapantaran urang oge jigana teh meni tos teu asa-asa deui nyesep teh . Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru langit tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko terutami kaum adam. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ari bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, panyawat paru-paru, jantung, impotensi , oge alat reproduksi, ngaroko di yuswa dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nu sanesna lain.
Jalmi anu ngaroko teh sami sareng ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malah di durukan.
Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulah cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangpaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Sinareng Rerencangan sadaya

Rupina mung sakieu nu tiasa ku simkuring didugikeun, hapunten bilih aya basa nu teu merenah kana manah, nyungkelit kana ati sanubari, kirang titi paranti, duduga sareng peryogana, atuh teu hilap boh aya bahasa anu teu puguh entep seureuhna, teu malapah gedang nawakup anu kasuhun, mugia kersa ngahapunten.
Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kalepatan datang na ti diri simkuring nyalira. Mugia biantara ieu aya mangpaatna, khususna kanggo diri simkuring, umumna kangge urang sadayana.
Wabillahitaufik walhidayah

Wassalamualikum wr.wb  

Biantara Irvan Damara

Paturay Tineung
bismillahirahmanirrohimm
assalamualaikum wr.wb
alhamdullilah wassukru ala niamilah. Wassolatu wassalam ala rosulillah wa ala alihi wa sohbihi wa mawalah ama ba’du
girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, bapa miwah ibu anu ku simkuring di pihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring di pikameuemeut.
Langkung tipayun mangga puji sinareng syukur kasanggakeun ka allah illahi robbi. Alhamdulilah wasyukurillah laillahailallah, subhanallah. Dina denget ieu urang sadaya tiasa ngariung mumpulung dina raraga nyakseni acara Patauray Tineung, wireh simkuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salmi tilu taun.
Mungguh ari waktu asa nyeak piasan sakorejat, asa kamari cikeneh sim kuring saparakanca lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola anu leuwih luhur deui ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar dieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan di ieu sakola anu ku sim kuring dipikabetaheun sim kuring saparakanca dina diajar di kelas, eneangan elmu, ruang ruing sareng rerncangan sadaya di ieu sakola, tantos bae eta janten panineungan anu moal kahielapkeun. Atuh kasaen bapa miwah ibu guru dina masihan elmu na anu didugikeun ka simkuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen teras deui anu bakal janten obor kahirupan simkuring saparakanca tangtos moal tiasa ka etang ku nanaon.
Sim kuring saparakanca ngdu’a mugi mugi kasaean bapa miwah ibu guru, tiasa dipasihan ganjaran anu langkung ku Gusti nu maha suci. Amin
Teras deui salami sim kuring diajar di ieu sakola, pasti aya seueur kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu teu merenah dina manah sadayana, simkuring ngwakilan rerencangan sadayana, neda nyungkeun di hapunten, mugi mugi sabudaya kalepatan simkuring sareng rerencangan sadaya tiasa di hapunten.
Rupina mung sakitu kapihatur, hapunten bilih seueur kalepatan, bilih aya kalimah anu kirang merenah, neda hapuntenna.

Wassalamualaikum wr. Wb 

Biantara M Albi Rivaldi 

Assalamua’laikum Wr.wb.

ibu guru nu dipikahormat ku simkuring
rerencangan sa-perjuangan nu dibanggakeun.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos.

Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.

Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis “Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.

Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain
dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.

 salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat”.

Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana

1.      Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat
2.       Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
3.       Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.
4.       Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara, ngamumule tur ngajenan seni tradasina.

 Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.


Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb 

Biantara Fuji Rizky M 

Assalamu’alaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Swt. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuringMungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Swt Amin.
Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur.
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntennaWabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb. 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar