Assalammualaikum Wr Wb
Ngawitan, abdi bade ngahaturkeun puji sareng sukur ka hadirat Allah SWT. Hatur nuhun ka bapa sareng ibu anu tos sumping.
Biantara abdi ayeuna perkawis Miara Budaya Sunda. Margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan Seni Budaya. Di pulau jawa bae aya budaya jawa sareng sunda. Naon atuh budaya teh? ceuk emutan simkuring mah, budaya the nyaeta hiji kamonesan atanapi kapanigelan boh dina seni atanapi dina kaolahan.
Dina widang seni, di latar sunda seueur pisan. Aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Padahal upami dititenan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling, hawar-hawar cianjuran matak nyerep kana hate.
Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya, utamina ditatar sunda. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya sunda ari urang teu resep, teu malise, henteu reueus. Urang teh kudu jadi benteng budaya sunda.
Bapak Ibu sadayana, sakitu wae biantara ti abdi. Hapunten dupi dina bahasa nu teu sae ku kitu na urang sadayana kedah miara kana basa sunda.
Wassalammualaikum Wr Wb 』
『Biantara Melani Halimatu S
2. Analgesik atawa membius.
3. Depresan atawa nenangkeun.
4. Stimulan atawa merangsang.
5. Euphoria atawa menyenangkan.
6. Halusinogen atawa nimbulkeun khayalan.
『Biantara Mela A
『Biantara A Shafira Desyana
』
』
『Biantara Devi Septiani
『Biantara Melani Halimatu S
Bismillahirrohmanirrahim
Assalamu’alaikum wr.wb
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu
Guru,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola
sadaya anu dipikacinta,
Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat gusti nu maha
suci ku lungsurna rahmat sareng kurnia anjeunna. Dina dinten ieu, urang tiasa
patepung lawung paamprok jonghok dina acara paturay tineung SMAN 1 Baleendah.
Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas
anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun ieu acara.
Teu hilap deuih, sim kuring oge bade ngahaturkeun nuhun ka guru-guru SMAN 1
Baleendah , anu tos ngadidik sareng masihan bekel elmu ka murid-muridna sangkan
jadi rarajin, palinter, sareng di jaga tatakramana.
Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, 3 taun
teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu
pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring
sadar yen salami 3 taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak
musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja
neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.
Kalih ti eta sim kuring saparakanca
seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu
langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih keneh aya di bangku sakola
ti kelas 10 dugi ka kelas 11, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana
piwuruk bapa sareng ibu guru.
Bapa,
ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu
katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi
taufik walhidayah
Wassalaamu
alaikum wr. wb. 』
『Biantara Nabila Noviyanti
BAHAYANA NARKOBA
Assalamualaikum.wr.wb
Kanggo Bapak SMAN 1 Baleendah anu ku
abdi di pikahormat,guru bahasa sunda anu ku abdi di pikahormat,sadaya guru
sareng staf-staf TU anu ku abdi di
pikahormat,jeung teu hilap babaturan jeung kaka kelas anu ku abdi di
banggakeun.Abdi ngucapkeun syukur ka hadirat Alloh SWT nu pantos masihan keneh
waktos ka ararurang dayana ambeh tiasa kempel di sakola anu ku arurang di
banggakeun kangge macakeun ieu pidato nu ngenaan “ BAHAYANA NARKOBA”.
Narkoba
nyaeta singkatanna ti narkotika jeung obat anu ngandungan bahan-bahan anu
berbahaya kangge kasehatan jeung tubuh arurang sadayana.Narkoba ngagaduhan nami
lain yaeta NAPZA.Narkoba ieu ngagaduhan senyawa-senyawa anu memacu resiko anu
tingginyaeta kacanduan. Narkoba ngagaduhan senyawa-senyawa psikotropika anu di gunakeun keur ngabius pasien-pasien anu
bade di operasi.Lamun arurang ngagunakeun narkoba akan katingali efekna
1. Sedatif atawa ngalengitkeun rasa nyeri.2. Analgesik atawa membius.
3. Depresan atawa nenangkeun.
4. Stimulan atawa merangsang.
5. Euphoria atawa menyenangkan.
6. Halusinogen atawa nimbulkeun khayalan.
Lamun
arurang tos kacanduan narkoba atawa narkotika arurang moal hese lepas ti
ngaranna narkoba makana tong coba-coba nyobian anu namina narkoba siyeunna
kacanduan jeung taruhanna oge nyawa melayang lamun tos kayanduan mah.Ti ayeuna
ararurang kudu ngucapkeun say no to drugs(kata keun henteukanggo narkoba)
Sekian
pidato ti abdi semoga manfaat abdi nyungkeun pihapunten lamun aya kalepatan
sabab abdi ngan manusia biasa anu tiasa ngajieun kasalahan
bililahitaufiqwalidayah wassalammualaikum.wr.wb 』
『Biantara Mela A
Assalamualaikum wr.
Wb
Langkung tipayun mangga urang sami-sami
panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Anu parantos marapin
rezki kasehatan, sangkan urang tiasa kumpul di tempat ieu. Shalawat miwah salam
mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf
ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna Amin ya robbal
alamin.
Rerencangan sadaya anu kuabdi
dipikaasih, dina waktos ieu abdi bade sakedik ngadugikeun biantara ngeunaan
rasa kacinta warga negara indonesia kiwari.
Rerencangan
sadaya, sapertos urang sadaya uninga yen rasa ngagaduhan, rasa asih tur rasa
bangga urang salaku warga nagara ieuteh unggal poe unggal ngurangan. Urang salaku pamuda pamudi indonesia, panerus
bangsa ieu, tonggakna bangsa ieu tos teu ngagaduhan deui rasa eta. Rasa anu
atos sakuduna urang pelak,urang bina,urang wujudkeun sangkan bisa ngajadikeun
bangsa indonesia ieu jadi bangsa anu leuwih hade. Anu ayeunamah etateh ukul
carita. Kamana pamuda pamudi anu kuduna jadi penerus? Kamana pamuda pamudi anu
bisa jadi conto? Kamana pamuda pamudi anu kuduna bisa jadi kabanggaan? Sanes
saukur kasus korupsi anu urang apal,tong saukur sinetron anu urang apal,tong
saukur lagu cinta-cintaan anu urang apal, sanes anu padamelana nangkring tur
ngarokok diwaktu sakola. Sanes anu sapertos kitu anu dibutuhkeun ku bangsa ieu.
Bangsa indonesia butuh pamuda pamudi anu bisa jadi conto, anu jujur,anu getol
ngabudayakeun budaya bangsa,anu cinta kana budayana,anu sopan santun,anu
kreatif,anu ngahargaan jasa pahlawana, anu tiasa jadi eunteung kangge
panerusna, anu bisa jadi kabanggan.
Rerencangan sadaya, urang kudu leuwih
ngahargaan jasa para pajuang indonesia, tong saukur di cariosan tapi kudu aya
realisasina aya kanyataana. Minggon kamari urang nembe ngarayakeun hari
kamerdekaan indonesia anu ka 68. Didinya aya acara 17agustusan, tapi lagu naon
anu ditampilkeun? Lagu korea,jepang jeung anu laina. Abdi salaku pamudi
indonesia rumaos lamun abdi kirang ngahargaan karya-karya bangsa urang. Rumaos
abdi resep kana k-pop jeung sajabana. Tapi saresep-resepna abdi kana lagu korea
aya rasa nyeri, aya rasa ambek. Lamun dina acara kamerdekaan negeri ieu bae
urang teu tiasa nampilkeun budaya urang sorangan kumaha dina dinteun sejena?
Bade kumaha atuh jantena bangsa ieu lamun urang teu mikaasih bangsa sorangan?
Ayeuna lagu-lagu murangkalih anu tiasa jadi pangwuruk ge tos langka pisan anu
tiasa kapendak ku urang. Da atuh ayeunamah murangkalih SD oge nyanyinateh lagu
cinta-cinta anu teu gaduh nilai pangwuruk pisan.
Janten kacindekanamah bangsa urang
ayeuna tos kirang pisan mikaasih bangsa sorangan, ti eta abdi salaku pamudi
indonesia ngajak ka rerencangan sadaya salaku panerus bangsa ieu. Hayu urang
diajar mikaasih bangsa urang deui, hayu urang diajar jadi panerus anu tiasa
dibanggakeun,hayu urang diajar jadi panerus anu tiasa jadi eunteung kanggo
kapayuna. Sangkan bangsa urang jadi bangsa anu makmur tur hade.
Mung Sakitu ti abdi, Kirang leuwihna neda
dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti
Allah SWT.
Wabilahitaufik
walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb 』
『Biantara Nadilla Nur
『Biantara Nadilla Nur
Asslamu’alaikum wr.wb
Puji sareng sukur kasanggakeun ka Allah illahiRabbi anu atos
ngalimpahkeun rahmat, karunia sareng rido kanggo urang sadaya supados tiasa
kumpul di iyeu tempat. Allhamdullilah, wasyukurillah, lailahaillallah,
subhanallah dina daget iyeu urang tiasa riung mung pulung dina rarangayak seni
acara paturay tineung , wireh sim kuring saparakanca bade ngantukeun ieu sakola
sabada tamat diajar salami 3 tahun.
Bapak alih Ibu , hadirin anu di hormatkeun
simkuring, Mungguh
hari waktu asa nyeak pisan sakedap. Asa nembe kamari kuring sareng saparakanca teh
di tarima di iyeu sakola. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun
sakola , ngahontal harepan sareng cita-cita. Beurat rasana ninggalkeun iyeu
sakola , sadaya rerencagan, guru-guru, sareng staf sakolah anu ku urang di
cintai teh.seueur pisan pelajaran anu tiasa di candak salami 3tahun sakola
didieu teh boh anu saena atau anu gorengna. Kantenan wae salami tilu taun di
ajar di iyeu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola nu ngeunah pikabetaheun,
simkuring saparakanca dieajar neangan ilmu. Ruang-riung di lain-lain tempat,di
ajar sasarengan sadaya bakal jadi panineungan anu moal bakal di hilapkeun ku
urang sadaya. Atuh kasaean Bapak alih Ibu guru sadaya elmu pangaweruhna anu di
dugikeun ka simkuring saparakanca
tangtos bakan nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorageun.
Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca. Saterasna hapunten kuring
saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a pamugi
rupining elmu sareng katiasa anu tos di paparinkeun , kengging ganjaran anu
mangikel-tikel ti Allah SWT, amin yarobbal alamin. Bapak alih Ibu guru sim
kuring saparakanca salami sakola di iyeu tempat tangtosna seueur kalepatan,
seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeunmanah ka sadayana .jalaran kitu,
ngawakilkeun rerencangan sadayana, dina dangeut ieu sim kuring neda asihna puntenna, mugi jembar hapuntenna
kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidu’ana ti sadaya kanggo
sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing riasa neraskeun tolabulelmu.
Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tinggkat anu
langkung luhur. Rupina sakitu nu tiasa kapihatur . bilih aya basa anu kirang
mernah , kecap anu kirang larap, bilih ya kalimah anuteuraos kana manah , neda haputenna.
Wabillahitaufikwallhidayah. Wassalamualaikum
wr.wb 』
『Biantara A Shafira Desyana
NGAJAGA KABERSIHAN
Langkung tipayun hau urang panjatkeun
puji sinareng syukur kahadirat allah swt nu parantos masihan ni’mat kaurang
sadaya, utamana ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel dikelas ieu.
Dina ieu waktu, abdi bade nerangkeun
sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadaya . jadi, urang sadaya kudu ngajaga
kabersihan kusabab kabersihan eta sabagian tina iman. Kabersihan oge bisa ngajieun
hirup sehat jeng jauh ti sagala panyakit. Ngajaga kabersihan oge henteu dibumi wae, contohna
disakola, dijalan jsb . urang oge kudu ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna
dikawitan ti ayeuna . kumargi kitu urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate
urang oge milu bersih .
Sakitu wae biantara ti simkuring ,
hapunten bilih aya kaleupatan haturnuhun kana perhatiana .
Wassalamualaikum wr.wb
『Biantara Eka Octaviani
Bungahna janten siswi Sapuluh
Sosial Opat
Assalamualaikum
wr.wb
Puji sinareng
sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah dina waktos ieu urang
sadayana tiasa kempel di kelas ieu. Ibu guru au dipikahormat, rerencangan
sadayana anu dipikanyaah, simkuring ngahaturkeun nuhun tos masihan waktos
kangge abi macakeun biantara di payun ieu.
Abi didieu
bade ngadugikeun biantara ngeunaan ramena dikelas Sapuluh Sosial Opat, abi
bungah cicing di kelas sapuluh sosial opat kusabab muridna atanapi
siswa-siswina saromeah sareng akraban, murid di kelas sosial opat aya anu ngalonyeng, anu cicingeun, anu
sombong, aya oge anu over aktif. Tapi teu nanaon da angger rame, keur mah
muridna rarame ditambih guru nu ngalajarna rarame beuki we betah cicing di
kelas sapuluh opa teh. Tapi aya oge anu teu dipikareseup ku simkuring nyaeta
seueur teuing tugas hafalannana, keun we ari tugas tertulismah da atos biasa ti SMP ge seueur ari tugas
tertulismah. Tapi ab ngaraos bungah tiasa lebet ka SMA N 1 Baleendah kusabab
sakola ieu kalebet sakola favorit.
Tah sakitu
wae nu tiasa ditepikeun dina biantara ieu hapunten bilih aya kalepatan, hatur
nuhun kanu tos merhatikeun atanapi anu hente oge.
Wabillahitaufiqwalhidayah,
wassalamualaikum wr.wb
『 Biantara Agung R
Assalammualaikum
wr.wb
Bapa miwah
Ibu,hormaten simkuring.
Hapunteun
anu kasuhun.sim kuring ngade dina ieu tempat sanés yiasa cumarios. Ieu mah wiréh dijurung-jurung ku réréncangan kelas salapan,hoyong
sasanggem ngadugikeun kareteg angen.
Dina ieu kasempatan
sim kuring hoyong ngahaturkeun séwu nuhun nu teu aya hinggana ka para
Ibu miwah Bapa Guru anu parantos ngaping ngajaring ngaraksa-ngariksa sim kuring
sadaya, boh dina akhlakna boh dina pendidikanna, dugikeun ka sim kuring sadaya
tiasa ngaréngsékeun pelajaran dugi ka kénging ijazah. Salami tilu taun sim kuring sadaya sasarengan
sareng ibu miwah bapa guru. Salami éta kantenan baé aya tatali batin nu nganteng antawis ibu bapa guru sareng
sim kuring sadaya, teu aya béntenna anggapan sim kuring sadaya lir
ka ibu bapa pituin.
Sakedap deui
sim kuring sadaya bakal ngantunkeun ibu miwah bapa guru kanggo milari élmu sareng pangalaman anu langkung jembar. Teu aya hiji
kagumbiraan nu langkung ti naon baé salian ti abdi sadaya tiasa
ngalaksanakeun nu diwejangkeun ku ibu miwah bapa guru nalika abdi sadaya
sasarengan di dieu. Sanaos engké paanggang haté mah angger sumoréang. Mugi-mugi wae urang
sayana aya dina rahmat alloh. Aaamiin
Wasssalammualaikum wr.wb』
『Biantara Devi Septiani
Biantara
ngajaga kabersihan.
Assalamualaikum
wr.wb
Langkung tipayun urang sanggakeun puji sareng syukur ka gusti allah swt nuparantos maparin waktos ka nu aya di ieu acara , tiasa patepang raray jeung simkuring nu bade nerangkeun ngajaga kabersihan.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat bapa ibu guru anu simkuring dipihormat jeung rerencangan anu ku simkuring di pihormat , dina ieu dina ieu waktos simkuring bade nerangkeun ngajaga kabersihan kanggo urang sadaya , janten urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala penyakit di awak urang sadaya ,contona urang sadaya kudu ngajaga kabersihan kelas jeung ngajaga di lingkungan sakola , didieu teh urang sadaya kudu nanamkeun ngajaga kabersihan teh penting keur diri urang sadayana kumargi urang sadaya teh kudu nganingkatkeun pola hirup sehat didiri urang sadayana ti ayena meh kapayuna urang tos sadar lamun ngajaga kabersihan teh penting .
urang sadaya pasti tos arapal aya hadis kabersihan inna dhofatu minal iman .
Nu hartosna : “kabersihan teh sabagian tina iman”
jadi urang sadaya kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor , jaddi urang sadaya kudu bersih awak,ngaja lingkungan jeung arurang sadaya kudu bersih hate oge , urang sadaya mika cinta lingkungan bakal bersih jeung hate ge milu bersih.
Para wargi anu mulya ,cekap sakitu wae abdi nyangakeun pihatur ,bilih aya basa anu kirang merehna larapna mugi kersa di hapunten .
wassalamualaikum. Wr.wb 』
Langkung tipayun urang sanggakeun puji sareng syukur ka gusti allah swt nuparantos maparin waktos ka nu aya di ieu acara , tiasa patepang raray jeung simkuring nu bade nerangkeun ngajaga kabersihan.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat bapa ibu guru anu simkuring dipihormat jeung rerencangan anu ku simkuring di pihormat , dina ieu dina ieu waktos simkuring bade nerangkeun ngajaga kabersihan kanggo urang sadaya , janten urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala penyakit di awak urang sadaya ,contona urang sadaya kudu ngajaga kabersihan kelas jeung ngajaga di lingkungan sakola , didieu teh urang sadaya kudu nanamkeun ngajaga kabersihan teh penting keur diri urang sadayana kumargi urang sadaya teh kudu nganingkatkeun pola hirup sehat didiri urang sadayana ti ayena meh kapayuna urang tos sadar lamun ngajaga kabersihan teh penting .
urang sadaya pasti tos arapal aya hadis kabersihan inna dhofatu minal iman .
Nu hartosna : “kabersihan teh sabagian tina iman”
jadi urang sadaya kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor , jaddi urang sadaya kudu bersih awak,ngaja lingkungan jeung arurang sadaya kudu bersih hate oge , urang sadaya mika cinta lingkungan bakal bersih jeung hate ge milu bersih.
Para wargi anu mulya ,cekap sakitu wae abdi nyangakeun pihatur ,bilih aya basa anu kirang merehna larapna mugi kersa di hapunten .
wassalamualaikum. Wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar