Assalamualaikum wr.wb
Kahatur ka bapa/ibu guru nu ku abdi dipika hormat teu hilap oge ka kaka kelas sareng rerencangan nu ku simkuring dipikanyaah. Abdi aya dipanggung ieu bade ngadugikeun ngeunaan pendidikan.Dugi ka ayeuna teu weleh dipentingkeun enggoning jang ngawujudkeun pendidikan eta sorangan, sareng kango ningkatkeun SDM (sumber daya manusia) sautuhna. Kumargi kitu abdi bade ngajak ka rerencangan sadaya hayu urang sasareungan diajar soson-soson jeung saenyana kumargi elmu mah moal beurat nyandakna, sebab aya kecap paribasa “belajarlah sampai ke negeri china” hartosna upami teu lepat mah pek geura gali ilmu sanajan jauh pek geura jugjug jang bekel urang kapayun supados ulah poekeun engkena.Mung sakitu nu tiasa ku abdi disanggakeun, hapunten bilih aya kalepatan dina cariosan.
Wassalamualaikum wr.wb 』
『Biantara Maria Novita : Biantara 17 Agustusan
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.
Wasslamualaikim.wr.wb 』
『Biantara Shafira Meutia S
Assalamualaikum.wr.wb
Puji
syukur urang sanggakeun ka Tuhan Nu Maha Esa anu geus ngalimpahkeun rahmatna ka
urang sadaya jeung urang tiasa kumpul dina kaayaan sehat.
Rerencangan
anu dipikahormat.
Pikeun
nyambut HUT Kemerdekaan Indonesia anu ke- 68, hayu urang tingkatkeun pelajaran
anu leuwih bermutu.
Dinapangwangunan, urang salaku
pelajar kudu milu ngawangun sakola, Jadi siswa nu bisa nempatkeun jadi siswa
anu miboga pekerti anu luhur,eta oge nurutkeun pikir sim kuring, kaasup nonoman
anu boga kriteria nu hade.
Lian tiditataan di luhur dipiharep
urang salaku siswa sing bisa jadi siswa anu taat.Taat ka nu nyiptakeun, patuh
ka bapa ibu guru, hormat ka indung bapa, silihajenan jeung sasama, nyaah ka
sahandapeun. Ku cara kitu urang geus bisa nempatkeun sabagian kalungguhan
urangsalaku nonoman dina kahirupan.
Slain
ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuan atawa pahlawan anu geus
mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara urang nyaeta negara indonesia, sareng
jasa-jasa guru anu geus ngabimbing urang, ngajarkeun urang sadaya pikeun urang
tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka bangsa jeung nagara.
Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta
permusuhan, pembunuhan , sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudah-mudahan
jeung samangat ’45 urang ngabangun nagara ku sifat anu sayang-menyayangi,
saling ngahormatkeun , tolong-menolong, pikeun terjalina kaharmonisan saperti
nu urang harapkeun, pikeun jadi nagara anu sejahtera.
Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.
Wasslamualaikim.wr.wb
『Biantara Shafira Meutia S
Assalamua’laikum Wr. Wb
Mimitina urang panjatkeun puji sinareng syukur urang sadaya tiasa
kempel dina ieu tempat dina kaayaan sehat wal’afiat.
Dina ieu waktos,abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala
panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kahareupna. Dina salah sahiji hadist diterangkeun “kabersihan sabagian tina
iman”, maksud sareng tujuanna nyaeta umat muslim anu gaduh iman ka allah dina
jero hate urang, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih
eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng
lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu dijaga. Urang kudu
cinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Urang oge kudu kaasup kana
jalma anu bersih hate jeung jiwa.
Cekap sakitu anu disampeikeun ku abdi, bilih aya kata anu kurang
merenah, mugi hapunten.
Wassalamua’laikum Wr. Wb. 』
『Biantara Elda Komala Febrianti : Kabudayaan
『Biantara Dila Septiana : Lingkungan Hidup
『Biantara Refi Hadiansyah M
『Biantara Frisca Amalia
『Biantara Elda Komala Febrianti : Kabudayaan
Assalamualaikum
Wr . Wb
Asshaduallailahaillalah
waashaduana muhammadar rosulullah. Ama badu.
Sateuacana
mangga urang sami-sami nyanggahkeun puji sareung syukur ka Allah swt, numana dina kesempetan ieu urang sadaya tiasa
ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat. Solawat sareung salam ka junjungan urang
sadaya Nabi Muhammad saw ka kaluargina ka parasahabatna sareung ka munajatna.
Didieu abdi
bade nepikeun masalah ngenaan kabudayaan sunda. Urang sadaya tos pada terang
yen kabudayaan tradisional jaman ayeuna mah ntos jarang kulantaran kuatna
modernisasi jeung globalisasi ngabalukarkeun leungitna kabudayaan tina
peradaban. Saperti contohna kabudayaan sunda, teu mustahil ieu kabudayaan
kaelehkeun ku tantangan-tantangan jaman nu leuwih kuat tibatan kamahsyuran
kabudayaan sundana sorangan anu berharga. Khususna tinu kasenian, kalahkah
urang batur nu mikareusepna tibatan urang sundana sorangan. Sabab ceuk orang
sundana mah kasenian sunda teh henteu gaul jeung katinggalan jaman. Nu gaul mun
musik tea mah musik anu keur booming ayeuna misalna K-POP, nyanyi sabari
ngedance tea. Padahal mah kasenian sunda teh leuwih alus sabab unik, loba
jenisna jeung boga ciri khas sorangan.
Kuduna mah urang sunda teh mikareseup oge kanu kasenian sunda anu geus
diwariskeun ti jaman bahela, sabab eta teh ciri nembongkeun urang salaku warga
Indonesia. Dina proses kabudayaan, sakuduna mah urang teh make proses
milah-milah, dimana aya kabudayaan sejen datang, urang bisa ngagabungkeun, tapi
nilai-nilai samemehna teu leungit jeung mendingna mah terus ngabudayakeun
kasenian sunda ngameh henteu leungit kateleun jaman.
Cekap sakitu
abdi nyanggakeun pihatur, punteun bilih aya basa anu kirang entep atanapi kecap
anu kirang marenah. Mugi keursa ngahapunteun.
Wassalamuaallaikum
Wr . Wb 』
『Biantara Dila Septiana : Lingkungan Hidup
Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh.
Muji sukur kanu Agung ka Gusti nu Maha Suci
Alloh SWT. Rehna urng sadayana Alhamdulillah tiasa riung mumpulung paamprok
jonghok pateupang raray dina danget ieu.
Parawargi sadayana...!
Hampir unggal dinten urg sadayana ngadangu
tentang ayana penebangan liar anu ngababi buta anu di lakukeun ku oknum oknum
anu teu bertanggung jawab. Sungguh hate ngarasa miris ngadangu kabiasaan buruk
anu di lakukeun ku oknum oknum anu teu bertanggung jawab anu teu mentinggkeun
aspek kanggo kapayunna budak incu urng engke.
Rebu rebu kubik kai di jarah, sedangkeun
lahan kanggo peresapan air teu aya eta lahan sangat ngabahayakeun kanggo warga
anu cicing di wilayah banjir anu ngancem setiap saat.
Parawargi! Sadar bahwa lingkungan ieu
mangrupakeun sistem anu katerkaitan antara hiji sareng anu lain.
Kumargi kitu, urng kedah ngajaga sareng
ngalestarikeun alam amih alam ieu tetep lestari sareng kajaga kanggo engke
budak sareng incu urng.
Mugia karusakan lingkungan di alam ieu teu
aya deui!
Mung sakitu nu kapihatur ku sim kiring,
hapunteun bilih aya kalepatan. Hatur nuhun
Wassalamualaikum Warohmatullahi
Wabarokatuh. 』
『Biantara Refi Hadiansyah M
BAHAYA
ROKOK
Asalamualikum wr.wb Ibu guru nu kusimkuring dipikahormat Sareng rerencangan sadaya nu kusimkuring
dipikacinta Puji sarta syukur urang
panjatkeun ka Allah swt nu tos maparinan kasehatan ka urang sadaya. Teu hilap
shalawat sarta salam ka nabi urang sadaya nyaeta nabi Muhamad saw, teu hilap
oge ka para sahabatna sareng para tabi'at tabi'ina.
Kuring didieu teu aya lain
nyaeta bade ngadugikeun tema nyaeta “bahaya bahaya roko”. Sapertos ibu sarta
rerencangan sadaya mun nu nami na roko tos teu asing deui di golongan barudak
sakola sapantaran urang. Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge
seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru tos hampir sadaya nyobian nu
nami na roko. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko
teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman
mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko
tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ai bahaya namah bakal karaos
salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, paru-paru, jantung,
impotensi , ti sagi reproduksi, ngroko di umur dini bisa ngabalukarkeun
impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat
kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko, tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nun
lain. Jalmi anu ngaroko teh sami eujeung ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun
kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu
ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan
artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang,
tapi artos namah malahka di durukan. Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian
roko kahade ulang cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng
nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi
pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami
artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih
mangmapaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban
saterusna.
Dupi mung sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya
kasalahan aya kata kata anu magut kanu ati. Margi kasampurnaan datang na ti
Allah SWT, kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara kuring
ieu mangpaat kangge sadayana.
Wassalamualikum wr.wb 』
『Biantara Frisca Amalia
Assalamualaikum
Wr.Wb
Rerencangan sadayana
Rerencangan sadayana
Sateuacanna, mangga urang
panjatkeun puji syukur ka gusti nu maha suci.
Babaturan sadayana anu kusimkuring dipihormat. Dina waktos ieu, abdi bade ngadugikeun biantara anu topikna "Kabersihan Lingkungan".
Hirup sehat teh penting kanggo urang sadayana. Urang teh wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayeuna.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun. Anu hartosna "Kabersihan teh sabagian tina iman". Tina hadits eta, urang tos ngartos maksud sareng tujuana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadayana iman ka Allah, berarti urang kudu bersih jeung suci tina sagala kokotor boh eta hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta, sadaya anu di dasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan disakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya loba macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, serta bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu ka asup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo ka saean urang sadayana.
Sakitu anu simkuring dipihatur, hapunten upami aya kasalahan.
Wassalamualaikum Wr.Wb 』

Wassalamualaikum Wr.Wb
『Biantara Irvian Dwi R
『Biantara Rozaanah K
Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya.
Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda”.
Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress…, hebat euy.
Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.
Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong hariwang kang Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum Wr.Wb. 』
『Biantara Rozaanah K
Assalamu’alaikum
warahmatullahi wabarakatuh
Ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna.
Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah poék deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gédag kaanginan.
Ibu bapa guru anu ku sim abdi di pihormat,
Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmumah calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna”.
Taun ajaran énggal ayeuna nu badé kasampeur, mangrupikeun salah sawios tatapakan nu énggal pikeun seuweu-siwi, pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur,
Ibu bapa guru anu ku sim abdi dipihormat,
Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF “long life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.
Dina rompaka kawih anu kieu unggelna:
Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gedé geura jangkung
Geura sakola sing julung
Sangkan jadi jelma luhung
Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Mun hidep pareng geus luhung
Poma ulah rek adigung
Filosopis dina wanda kawih diluhur écésna jéntré, urang sadaya kudu sakola nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna.
Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang haaing pinter
Kudu getol kasakola
Baju kutud heureut pola
Dikelin teu dijalujur
Lamun teu cucud ka sakola
Arisin balik kalembur
Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.
Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh ditempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku sim abdi dipikatresna,
Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyupri élmu dina salah sawios hadits nabi Muhammad saw.
Hartosna : Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na kandungan dugi ka alam kubur.
Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan “elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya”.
Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung ukur nyuprih élmu wungkul tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung ku élmu kudu siger tengah.
Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamaréntah supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger.
Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama, pamungkas:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya akhérat
Cekap sakitu abdi nyanggakeun, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep seureuh, atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Asyhadu
ala ilaha ila llahu wa asyhadu ana muhammadan abduhu wa rasulu
Wassalammu’alaikum
Wr. Wb. 』
『Biantara Irvan Azhandy
Assalmualaikum Wr. Wb
Bapa miwah Ibu guru anu ku abdi di pihormat sareng
rerencangan sadayana Anu ku abdi dibanggakeun. Hayu urang panjatkeun puji
sinareng syukur ka gusti allah SWT. Anu parantos maparin kasehatan sareng
kakiatan ka urang sadayana.Sholawat miwah salam urang sanggakeun ka
junjungan urang Nabi Agung Muhammad SAW.
Ibu guru anu ku simkuring di pihormat sareng
rerencangan anu ku simkuring di banggaken.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga
tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna,
nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah,
urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.Hayu urang
sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan
tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
sakit nu di pikahatur hatur nuhun tina sagal
aPerhatosana, hapunteun bilih aya kecap anu kurang merenah.
Bilahitopik walhidayah Wassalamualaikum
Wr. Wb 』
Tidak ada komentar:
Posting Komentar