Senin, 26 Agustus 2013

Biantara Sunda [27082013] (3)

Biantara Anditya S

Tema : Kajahatan
Assalamu’alaikum wr.wb
            Bapa miwah Ibu guru anu dipikahormat,sinareng réréncangan nu dipikacinta.
            Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Allah SWT , alhamdulillah dinten ayena urang sadaya masih tiasa patepang di tempat ieu jeung di waktu ieu.
            Ayena abi badé ngabahas “KAJAHATAN AYA DIMANA MANA”  jadi kajahatan, ayena t dilakukeun ku sasaha ! dikolot nepika budak leutik gé aya,contohna budak SMA ngabunuh babaturana. Urang sadaya kudu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah jeung kudu bisa ngajauhan éta kajahatan nu sagedé gedéna atawa saleutik sabab kajahata nu ku hidep lakukeun pasti aya balesna ku nu Agung nyaéta ALLAH SWT.
Urang sadaya salaku generasi muda kudiu bisa nyieun prestasi dina hal nu bener keur majukeun ieu negara. Urang sadaya kudu ngajarkeun hal nu bener ka umat manusia nu li  améh hirup urang sadaya tiasa sejahtera salami lamina AMMIINN Indonesia MERDEKA.
Rupina mungsakitu nu tiasa sim kuring dugikeun,lamun aya kalepatan kuring dina nyarios hapunteun.


Asslammualaikum wr.wb 

Biantara Ardiansyah 


Ngeunaan Kabersihan Lingkungan
Assalamualaikum.Wr.Wb
Para Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, Puji Syukur Urang Panjatkeun Ka Gusti Allah SWT Alhamdulillah danget ieu urang sadayana tiasa patepung lawung pa amprok jongok ,dina raraga urang mieling kanu jadi kabersihan Jawa barat.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaraha kota di Jawa barat toh sering kenging piala Adipura ku sabab kabersihanana endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana kedah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda umumna. Tapi aya wae masyarakat sunda nu sok miceun sampah kamana wae, sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga, pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu dipiboga, ku urang dilestarikeun sangkan Jawa Barat leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahankeun Jawa Barat kota intan, Jawa Barat kota pangirut.
Rupina mungsakitu nu tiasa didugikeun bilih aya kalepatan dina cumarios, ka sadayana nyungkeun dihapunteun Wabillahi Taufik Wal Hidayah.
 Wassalamualaikum.Wr.Wb 

Biantara Wahid Hadi L

ASSALAM MUALAIKUM WAROHMATULOHI WABAROKATUH
    Sampurasun
Ibu Bapak anu ku sim kuring di pikahormat sareng rerencangan abdi nu ku simkuring di pika nyaah  langkung tipayun  hayu urang sami sami manjat keun puji sinareng sukur ka agungan allah swt nu parantos nepangkeun urang dina ieu acara
            Para hadirin anu ku sim kuring di pikahormat dina ieu waktos, abdi bade neurangkeun sakumaha pentingna hirup sehat. Janten urang keudah ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya pikeun tiasa ngajaga tina sagala panyakit , urang kudu berih suci tina sagala kokotor , urang kudu cinta kana kabersihan lingkungan urang yen eta lingkungan teh tempat urang hirup mun alus deui nepika hate urang bersih
            Para hadirin anu ku sim kuring di pikahormat mun sakieu biantara anu tiasa ku sim kuring tiasa di dugikeun , hatur nuhun

WASSALAM MUALAIKUM WAROHMATULAAHHI WABAROKATUH 


Biantara Dewi Tresna Utami

Assalamualaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT, mung ku ridhona arurang sadaya tiasa kempel di ieu patempatan.

Hadirin sadayana, tos waktosna ayeuna yen arurang ngajagaan lembur teh, sanes tos

waktosnya ketah, da puguh ti baheula oge tos kawajiban arurang sadaya ngajagaan lembur teh, boh kabersihana, katertibana jeung kaendahana.

Sanes malah teu paduli kana lembur arurang teh. Contona sampah, lung kadie-lung kaditu, sabari teu mikirkeun kana naon-naon dampak ti miceun sampah kamana-meni kitu teh.

Pan geuning sampah teh aya tempatna. Tapi da jalma hirup tea geuning sok malales kana kawajiban teh.

Nya jadi ayeuna mah sing getol we ngajaga lembur teh, salah sahijina nyaeta miceun sampah ditempatna.

Mung sakitu anu kapihatur, nyuhunkeun dihapunten weh bilih aya kalepatan sareng kakirangan ti ieu biantara.

Wabilahi taufik wal hidayah, Wassalamualaikum Wr. Wb. 

Biantara Dwi Puspa Rahayu

Assalamualikum wr.wb
Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Rerencangan sadaya anu dipikareueus,

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT, nu parantos maparinan mangpirang-pirang ni’mat ka urang sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel di kelas ieu. Teu hilap sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang sadaya Muhammad SAW , ka kulawargina, ka para sohabatna, mudah-mudahan tug dugi urang sadaya salaku umatna mugia dugi ka akhir jaman, amin.
Simkuring ngadeg di ieu patempatan teu aya sanes bade ngadugikeun biantara anu nyandak judul “bahaya roko”.

Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Sinareng Rerencangan sadaya

Sapertos nu parantos ka uninga ku sadayana rehna nami na roko tos teu asing deui di masyarakat, pan dina danget ieu mah barudak sakola sapantaran urang oge jigana teh meni tos teu asa-asa deui nyesep teh . Tapi ayeuna mah ti mimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas biru langit tos hampir sadaya nyobian nu nami na roko terutami kaum adam. Komo tos aya nu jadi pecandu roko. Kabiasaan para pelajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan iklan, ku rerencangan na, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Roko tiasa nenangkeun urang, tapi ukur sasaat, ari bahaya namah bakal karaos salilana. Bahaya roko teh diantara na resiko kanker, panyawat paru-paru, jantung, impotensi , oge alat reproduksi, ngaroko di yuswa dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha contoh bahaya roko,  tapi seueur keneh bahaya bahaya roko nu sanesna lain.
Jalmi anu ngaroko teh sami sareng ngasupkeun racun ka diri sorangan, mun kasar namah nu ngaroko teh sami sareng bunuh diri sacara lalaunan. Jalmi nu ngaroko oge sami sareng ngaduruk artos, komo pelajar mah sami sareng ngadurukan artos kolot urang nu tos banting tulang milarian artos kangge ngabelaan urang, tapi artos namah malah di durukan.
Rerencangan sadaya, nu teu acan nyobian roko kahade ulah cobi cobi ngaroko lantaran bahaya roko teh seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot ku bayaha bako na. Nu tos jadi pacandu roko, hayu urang enggal lirenan kabiasaan awon eta. Langkung sae upami artos nu biasa di durukan eta urang kempelkeun kangge meser anu leuwih mangpaat. Tos seueur korban gara gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna.

Ibu Guru nu ku simkuring dipihormat,
Sinareng Rerencangan sadaya

Rupina mung sakieu nu tiasa ku simkuring didugikeun, hapunten bilih aya basa nu teu merenah kana manah, nyungkelit kana ati sanubari, kirang titi paranti, duduga sareng peryogana, atuh teu hilap boh aya bahasa anu teu puguh entep seureuhna, teu malapah gedang nawakup anu kasuhun, mugia kersa ngahapunten.
Margi kasampurnaan datang na ti Allah SWT, kalepatan datang na ti diri simkuring nyalira. Mugia biantara ieu aya mangpaatna, khususna kanggo diri simkuring, umumna kangge urang sadayana.
Wabillahitaufik walhidayah

Wassalamualikum wr.wb  

Biantara Irvan Damara

Paturay Tineung
bismillahirahmanirrohimm
assalamualaikum wr.wb
alhamdullilah wassukru ala niamilah. Wassolatu wassalam ala rosulillah wa ala alihi wa sohbihi wa mawalah ama ba’du
girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, bapa miwah ibu anu ku simkuring di pihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring di pikameuemeut.
Langkung tipayun mangga puji sinareng syukur kasanggakeun ka allah illahi robbi. Alhamdulilah wasyukurillah laillahailallah, subhanallah. Dina denget ieu urang sadaya tiasa ngariung mumpulung dina raraga nyakseni acara Patauray Tineung, wireh simkuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salmi tilu taun.
Mungguh ari waktu asa nyeak piasan sakorejat, asa kamari cikeneh sim kuring saparakanca lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola anu leuwih luhur deui ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar dieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan di ieu sakola anu ku sim kuring dipikabetaheun sim kuring saparakanca dina diajar di kelas, eneangan elmu, ruang ruing sareng rerncangan sadaya di ieu sakola, tantos bae eta janten panineungan anu moal kahielapkeun. Atuh kasaen bapa miwah ibu guru dina masihan elmu na anu didugikeun ka simkuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen teras deui anu bakal janten obor kahirupan simkuring saparakanca tangtos moal tiasa ka etang ku nanaon.
Sim kuring saparakanca ngdu’a mugi mugi kasaean bapa miwah ibu guru, tiasa dipasihan ganjaran anu langkung ku Gusti nu maha suci. Amin
Teras deui salami sim kuring diajar di ieu sakola, pasti aya seueur kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu teu merenah dina manah sadayana, simkuring ngwakilan rerencangan sadayana, neda nyungkeun di hapunten, mugi mugi sabudaya kalepatan simkuring sareng rerencangan sadaya tiasa di hapunten.
Rupina mung sakitu kapihatur, hapunten bilih seueur kalepatan, bilih aya kalimah anu kirang merenah, neda hapuntenna.

Wassalamualaikum wr. Wb 

Biantara M Albi Rivaldi 

Assalamua’laikum Wr.wb.

ibu guru nu dipikahormat ku simkuring
rerencangan sa-perjuangan nu dibanggakeun.

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos.

Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin. Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.

Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis “Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.

Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain
dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.

 salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat”.

Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana

1.      Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat
2.       Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
3.       Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.
4.       Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara, ngamumule tur ngajenan seni tradasina.

 Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda di hapunten.


Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb 

Biantara Fuji Rizky M 

Assalamu’alaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Swt. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuringMungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Swt Amin.
Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur.
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntennaWabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb. 



Biantara Sunda [27082013] (2)

『Biantara Lutfi Hanifah Tema: Miara Budaya Sunda
Assalammualaikum Wr Wb
                Ngawitan, abdi bade ngahaturkeun puji sareng sukur ka hadirat Allah SWT. Hatur nuhun ka bapa sareng ibu anu tos sumping.
Biantara abdi ayeuna perkawis Miara Budaya Sunda. Margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan Seni Budaya. Di pulau jawa bae aya budaya jawa sareng sunda. Naon atuh budaya teh? ceuk emutan simkuring mah, budaya the nyaeta hiji kamonesan atanapi kapanigelan boh dina seni atanapi dina kaolahan.
Dina widang seni, di latar sunda seueur pisan. Aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Padahal upami dititenan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora  suling, hawar-hawar cianjuran matak nyerep kana hate.
Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya, utamina ditatar sunda. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya sunda ari urang teu resep, teu malise, henteu reueus. Urang teh kudu jadi benteng budaya sunda.
Bapak Ibu sadayana, sakitu wae biantara ti abdi. Hapunten dupi dina bahasa nu teu sae ku kitu na urang sadayana kedah miara kana basa sunda.
Wassalammualaikum Wr Wb 

Biantara Melani Halimatu S


 Bismillahirrohmanirrahim
Assalamu’alaikum wr.wb
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
          Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat gusti nu maha suci ku lungsurna rahmat sareng kurnia anjeunna. Dina dinten ieu, urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina acara paturay tineung SMAN 1 Baleendah.
          Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun ieu acara. Teu hilap deuih, sim kuring oge bade ngahaturkeun nuhun ka guru-guru SMAN 1 Baleendah , anu tos ngadidik sareng masihan bekel elmu ka murid-muridna sangkan jadi rarajin, palinter, sareng di jaga tatakramana.
          Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, 3 taun teu karaos  sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yen salami 3 taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.
          Kalih ti eta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih keneh aya di bangku sakola ti kelas 10 dugi ka kelas 11, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb. 

Biantara Nabila Noviyanti
BAHAYANA NARKOBA
Assalamualaikum.wr.wb
Kanggo Bapak SMAN 1 Baleendah anu ku abdi di pikahormat,guru bahasa sunda anu ku abdi di pikahormat,sadaya guru sareng staf-staf TU  anu ku abdi di pikahormat,jeung teu hilap babaturan jeung kaka kelas anu ku abdi di banggakeun.Abdi ngucapkeun syukur ka hadirat Alloh SWT nu pantos masihan keneh waktos ka ararurang dayana ambeh tiasa kempel di sakola anu ku arurang di banggakeun kangge macakeun ieu pidato nu ngenaan “ BAHAYANA NARKOBA”.
            Narkoba nyaeta singkatanna ti narkotika jeung obat anu ngandungan bahan-bahan anu berbahaya kangge kasehatan jeung tubuh arurang sadayana.Narkoba ngagaduhan nami lain yaeta NAPZA.Narkoba ieu ngagaduhan senyawa-senyawa anu memacu resiko anu tingginyaeta kacanduan. Narkoba ngagaduhan senyawa-senyawa psikotropika anu  di gunakeun keur ngabius pasien-pasien anu bade di operasi.Lamun arurang ngagunakeun narkoba akan katingali efekna
1. Sedatif atawa ngalengitkeun  rasa nyeri.
2. Analgesik atawa membius.
3. Depresan atawa nenangkeun.
4. Stimulan atawa merangsang.
5. Euphoria atawa menyenangkan.
6. Halusinogen atawa nimbulkeun  khayalan.
Lamun arurang tos kacanduan narkoba atawa narkotika arurang moal hese lepas ti ngaranna narkoba makana tong coba-coba nyobian anu namina narkoba siyeunna kacanduan jeung taruhanna oge nyawa melayang lamun tos kayanduan mah.Ti ayeuna ararurang kudu ngucapkeun say no to drugs(kata keun henteukanggo narkoba)
Sekian pidato ti abdi semoga manfaat abdi nyungkeun pihapunten lamun aya kalepatan sabab abdi ngan manusia biasa anu tiasa ngajieun kasalahan bililahitaufiqwalidayah wassalammualaikum.wr.wb 

Biantara Mela A

Assalamualaikum wr. Wb

       Langkung tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Anu parantos marapin rezki kasehatan, sangkan urang tiasa kumpul di tempat ieu. Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna Amin ya robbal alamin.
       Rerencangan sadaya anu kuabdi dipikaasih, dina waktos ieu abdi bade sakedik ngadugikeun biantara ngeunaan rasa kacinta warga negara indonesia kiwari.
Rerencangan sadaya, sapertos urang sadaya uninga yen rasa ngagaduhan, rasa asih tur rasa bangga urang salaku warga nagara ieuteh unggal poe unggal ngurangan.  Urang salaku pamuda pamudi indonesia, panerus bangsa ieu, tonggakna bangsa ieu tos teu ngagaduhan deui rasa eta. Rasa anu atos sakuduna urang pelak,urang bina,urang wujudkeun sangkan bisa ngajadikeun bangsa indonesia ieu jadi bangsa anu leuwih hade. Anu ayeunamah etateh ukul carita. Kamana pamuda pamudi anu kuduna jadi penerus? Kamana pamuda pamudi anu bisa jadi conto? Kamana pamuda pamudi anu kuduna bisa jadi kabanggaan? Sanes saukur kasus korupsi anu urang apal,tong saukur sinetron anu urang apal,tong saukur lagu cinta-cintaan anu urang apal, sanes anu padamelana nangkring tur ngarokok diwaktu sakola. Sanes anu sapertos kitu anu dibutuhkeun ku bangsa ieu. Bangsa indonesia butuh pamuda pamudi anu bisa jadi conto, anu jujur,anu getol ngabudayakeun budaya bangsa,anu cinta kana budayana,anu sopan santun,anu kreatif,anu ngahargaan jasa pahlawana, anu tiasa jadi eunteung kangge panerusna, anu bisa jadi kabanggan.
       Rerencangan sadaya, urang kudu leuwih ngahargaan jasa para pajuang indonesia, tong saukur di cariosan tapi kudu aya realisasina aya kanyataana. Minggon kamari urang nembe ngarayakeun hari kamerdekaan indonesia anu ka 68. Didinya aya acara 17agustusan, tapi lagu naon anu ditampilkeun? Lagu korea,jepang jeung anu laina. Abdi salaku pamudi indonesia rumaos lamun abdi kirang ngahargaan karya-karya bangsa urang. Rumaos abdi resep kana k-pop jeung sajabana. Tapi saresep-resepna abdi kana lagu korea aya rasa nyeri, aya rasa ambek. Lamun dina acara kamerdekaan negeri ieu bae urang teu tiasa nampilkeun budaya urang sorangan kumaha dina dinteun sejena? Bade kumaha atuh jantena bangsa ieu lamun urang teu mikaasih bangsa sorangan? Ayeuna lagu-lagu murangkalih anu tiasa jadi pangwuruk ge tos langka pisan anu tiasa kapendak ku urang. Da atuh ayeunamah murangkalih SD oge nyanyinateh lagu cinta-cinta anu teu gaduh nilai pangwuruk pisan.
       Janten kacindekanamah bangsa urang ayeuna tos kirang pisan mikaasih bangsa sorangan, ti eta abdi salaku pamudi indonesia ngajak ka rerencangan sadaya salaku panerus bangsa ieu. Hayu urang diajar mikaasih bangsa urang deui, hayu urang diajar jadi panerus anu tiasa dibanggakeun,hayu urang diajar jadi panerus anu tiasa jadi eunteung kanggo kapayuna. Sangkan bangsa urang jadi bangsa anu makmur tur hade.
        Mung Sakitu ti abdi, Kirang leuwihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb 

Biantara Nadilla Nur 


Asslamu’alaikum wr.wb
Puji sareng sukur  kasanggakeun ka Allah illahiRabbi anu atos ngalimpahkeun rahmat, karunia sareng rido kanggo urang sadaya supados tiasa kumpul di iyeu tempat. Allhamdullilah, wasyukurillah, lailahaillallah, subhanallah dina daget iyeu urang tiasa riung mung pulung dina rarangayak seni acara paturay tineung , wireh sim kuring saparakanca bade ngantukeun ieu sakola sabada tamat diajar salami 3 tahun.
Bapak alih Ibu , hadirin anu di hormatkeun simkuring,                                                                                        Mungguh hari waktu asa nyeak pisan sakedap. Asa nembe kamari kuring sareng saparakanca teh di tarima di iyeu sakola. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola , ngahontal harepan sareng cita-cita. Beurat rasana ninggalkeun iyeu sakola , sadaya rerencagan, guru-guru, sareng staf sakolah anu ku urang di cintai teh.seueur pisan pelajaran anu tiasa di candak salami 3tahun sakola didieu teh boh anu saena atau anu gorengna. Kantenan wae salami tilu taun di ajar di iyeu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan.  Di dieu, di sakola nu ngeunah pikabetaheun, simkuring saparakanca dieajar neangan ilmu. Ruang-riung di lain-lain tempat,di ajar sasarengan sadaya bakal jadi panineungan anu moal bakal di hilapkeun ku urang sadaya. Atuh kasaean Bapak alih Ibu guru sadaya elmu pangaweruhna anu di dugikeun ka simkuring saparakanca  tangtos bakan nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorageun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.                                                                                                                                                                         Saterasna hapunten kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a pamugi rupining elmu sareng katiasa anu tos di paparinkeun , kengging ganjaran anu mangikel-tikel ti Allah SWT, amin yarobbal alamin. Bapak alih Ibu guru sim kuring saparakanca salami sakola di iyeu tempat tangtosna seueur kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten  ngajaheutkeunmanah ka sadayana .jalaran kitu, ngawakilkeun rerencangan sadayana, dina dangeut ieu sim kuring  neda asihna puntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidu’ana ti sadaya kanggo sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing riasa neraskeun tolabulelmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tinggkat anu langkung luhur. Rupina sakitu nu tiasa kapihatur . bilih aya basa anu kirang mernah , kecap anu kirang larap, bilih ya kalimah anuteuraos  kana manah , neda haputenna.

Wabillahitaufikwallhidayah. Wassalamualaikum wr.wb 

Biantara A Shafira Desyana
NGAJAGA KABERSIHAN

         Langkung tipayun hau urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat allah swt nu parantos masihan ni’mat kaurang sadaya, utamana ni’mat sehat sahingga urang sadaya tiasa kempel dikelas ieu.
         Dina ieu waktu, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadaya . jadi, urang sadaya kudu ngajaga kabersihan kusabab kabersihan eta sabagian tina iman. Kabersihan oge bisa ngajieun hirup sehat jeng jauh ti sagala panyakit. Ngajaga  kabersihan oge henteu dibumi wae, contohna disakola, dijalan jsb . urang oge kudu ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna dikawitan ti ayeuna . kumargi kitu urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang oge milu bersih .
        Sakitu wae biantara ti simkuring , hapunten bilih aya kaleupatan haturnuhun kana perhatiana .

Wassalamualaikum wr.wb
 

Biantara Eka Octaviani

Bungahna janten siswi Sapuluh Sosial Opat
Assalamualaikum wr.wb
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah dina waktos ieu urang sadayana tiasa kempel di kelas ieu. Ibu guru au dipikahormat, rerencangan sadayana anu dipikanyaah, simkuring ngahaturkeun nuhun tos masihan waktos kangge abi macakeun biantara di payun ieu.
Abi didieu bade ngadugikeun biantara ngeunaan ramena dikelas Sapuluh Sosial Opat, abi bungah cicing di kelas sapuluh sosial opat kusabab muridna atanapi siswa-siswina saromeah sareng akraban, murid di kelas sosial opat  aya anu ngalonyeng, anu cicingeun, anu sombong, aya oge anu over aktif. Tapi teu nanaon da angger rame, keur mah muridna rarame ditambih guru nu ngalajarna rarame beuki we betah cicing di kelas sapuluh opa teh. Tapi aya oge anu teu dipikareseup ku simkuring nyaeta seueur teuing tugas hafalannana, keun we ari tugas tertulismah  da atos biasa ti SMP ge seueur ari tugas tertulismah. Tapi ab ngaraos bungah tiasa lebet ka SMA N 1 Baleendah kusabab sakola ieu kalebet sakola favorit.
Tah sakitu wae nu tiasa ditepikeun dina biantara ieu hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun kanu tos merhatikeun atanapi anu hente oge.
Wabillahitaufiqwalhidayah, wassalamualaikum wr.wb
 

『 Biantara Agung R 
Assalammualaikum wr.wb
Bapa miwah Ibu,hormaten simkuring.
Hapunteun anu kasuhun.sim kuring ngade dina ieu tempat sanés yiasa cumarios. Ieu mah wiréh dijurung-jurung ku réréncangan kelas salapan,hoyong sasanggem ngadugikeun kareteg angen.
Dina ieu kasempatan sim kuring hoyong ngahaturkeun séwu nuhun nu teu aya hinggana ka para Ibu miwah Bapa Guru anu parantos ngaping ngajaring ngaraksa-ngariksa sim kuring sadaya, boh dina akhlakna boh dina pendidikanna, dugikeun ka sim kuring sadaya tiasa ngaréngsékeun pelajaran dugi ka kénging ijazah. Salami tilu taun sim kuring sadaya sasarengan sareng ibu miwah bapa guru. Salami éta kantenan baé aya tatali batin nu nganteng antawis ibu bapa guru sareng sim kuring sadaya, teu aya béntenna anggapan sim kuring sadaya lir ka ibu bapa pituin.
Sakedap deui sim kuring sadaya bakal ngantunkeun ibu miwah bapa guru kanggo milari élmu sareng pangalaman anu langkung jembar. Teu aya hiji kagumbiraan nu langkung ti naon baé salian ti abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun nu diwejangkeun ku ibu miwah bapa guru nalika abdi sadaya sasarengan di dieu. Sanaos engké paanggang haté mah angger sumoréang. Mugi-mugi wae urang sayana aya dina rahmat alloh. Aaamiin


Wasssalammualaikum wr.wb

Biantara Devi Septiani

Biantara ngajaga kabersihan.

Assalamualaikum wr.wb
Langkung tipayun urang sanggakeun puji sareng syukur ka gusti allah swt nuparantos maparin waktos ka nu aya di ieu acara , tiasa patepang raray jeung simkuring nu bade nerangkeun ngajaga kabersihan.
       Para wargi anu ku simkuring dipihormat bapa ibu guru anu simkuring dipihormat jeung rerencangan anu ku simkuring di pihormat , dina ieu dina ieu waktos simkuring bade nerangkeun ngajaga kabersihan kanggo urang sadaya , janten urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala penyakit di awak urang sadaya ,contona urang sadaya kudu ngajaga kabersihan kelas jeung ngajaga di lingkungan sakola , didieu teh urang sadaya kudu nanamkeun ngajaga kabersihan teh penting keur diri urang sadayana kumargi urang sadaya teh kudu nganingkatkeun pola hirup sehat didiri urang sadayana ti ayena meh kapayuna urang tos sadar lamun ngajaga kabersihan teh penting .
urang sadaya pasti tos arapal aya hadis kabersihan inna dhofatu minal iman .
Nu hartosna : “kabersihan teh sabagian tina iman”
jadi  urang sadaya kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor , jaddi urang sadaya kudu bersih awak,ngaja lingkungan jeung arurang sadaya kudu bersih hate oge  , urang sadaya mika cinta lingkungan bakal bersih jeung hate ge milu bersih.
     Para wargi anu mulya ,cekap sakitu wae abdi nyangakeun pihatur ,bilih aya basa anu kirang merehna larapna mugi kersa di hapunten .

wassalamualaikum. Wr.wb